Home / Agama / Improvisasi Salik / Sinom Pamake Nonoman

[Sinom]

Sinom pamake nonoman,
nu bijil budi birahi,
wiang-wiang wirahmana,
boh awewe boh lalaki,
katitisan boga sir,
urut bapa urut indung,
ngagelarkeun sorangan,
sajejeg panceg maani,
lebah dieu seselahan panungtungan.

Sinom Pamake Nonoman

Urut sir bisa laksana,
duriat ngajadi aing,
iradatna jeung keung kudratna,
panarik suhuding ati,
buktina aing ngabdi,
nuturkeun galur nu tujuh,
galur urut nanyaan,
sir hurip boga pangarti,
jakalola turunan kamanusaan.

Mawa modal dua rupa,
sahiji modal rohani,
nu dikalangkangan raga,
kadua modal jasmani,
geusaneun wara-wiri,
sakitu pangadeg tangtung,
rohani kabatinan,
jasmani nu jadi lahir,
kahahiran kalangkang ti kabatinan.

 

(Bersambung)

http://manuskripkesunyian.wordpress.com

About admin

Check Also

Hati yang Mati

“Salah satu kematian hati adalah tidak adanya kesedihan atas kesempatan ibadah yang terlewat dan tidak ...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *