Home / Agama / Improvisasi Salik / Puyuh Ngungkung dina Kurung

[Kinanti] Jilid I (181 bait)

Puyuh Ngungkung dina Kurung
titiran dina solasih
kapindingan ku hareuga,
hayam lain meri lain,
areuy gereng areuy kentang,
pageuh tali angrit deui.

Puyuh Ngungkung dina Kurung

Hayam tilu genep suku,
kalapa dua satali,
hayam beureum diteukteukan
ku keris Aki Maranggi,
sada ketuk sada kendang,
sada goong warna-warni.

Bendung situ bendung situ
tambakan Ciawitali,
beunteur beureum dodoyongan,
jalanna ka rumpak jami,
akar jeruk parumpungan,
dipake nyayang japati.

Sindir sapada ti indung,
hiji ti bapa pribadi,
nu sapada sisindiran,
pangasuh aing keur leutik,
eusina wallahu ‘alam,
moal sacangkang saeusi.

Lebah dieu aing usum,
mikir eusi ucap biwir,
kabarangtaning manusa,
perbawa ati birahi,
ka marana nyanghareupna,
moal sambarangan ati.

Masih indung ari pundung,
keding deui keding deui,
masih caang ari anggang,
ramang deui ramang deui,
masih lawang ari anggang,
hideung deui hideung deui.

Masih nundung ari indung,
nineung deui nineung deui,
masih samar ari muntang,
leuheung deui leuheung deui,
masih euweuh ari hayang,
caang deui caang deui.

Masih agung ari gunung,
leuweung deui leuweung deui,
masih sieun ari anggang,
ludeung deui ludeung deui,
masih geuleuh ari melang,
keueung deui keueung deui.

Masih tangtung ari lanjung,
ngubeng deui ngubeng deui,
masih melang ari nganjang,
meuting deui meuting deui,
masih nganjang ari anggang,
eling deui eling deui.

Masih agung ari bingung,
gering deui geuring deui,
masih catang ari rungkang,
garing deui garing deui,
masih anggang ari hayang,
melang deui melang deui.

Masih hirup ari suwung,
surem deui surem deui,
masih bangkar ari jangkar,
jangkung deui jangkung deui,
masih mangmang ari nyangsang,
ninggang deui ninggang deui.

Masih duyung ari silung,
nyungsang deui nyungsang deui,
masih gendam ari nyungsang,
miring deui miring deui,
masih nyungsang ari kasang,
aling deui aling deui.

Pulang anting luntang lantung,
teu nungtungan pulang anting,
pulang dianting dipalang,
palang dipulang dipaling,
paling dipalang dipulang,
pulang dipulang dipaling.

Tah burung ceuk nu teu burung,
tah eling ceuk nu teu eling,
tah gundam ceuk nu teu gundam,
tah eling ceuk nu teu eling,
tah ilang ceuk nu teu ilang,
tah eling ceuk nu teu eling.

Tah palung ceuk nu teu palung,
tah eling ceuk nu teu eling,
tah ilang ceuk nu teu ilang,
tah eling ceuk nu teu eling,
tah ilang ceuk nu teu ilang,
tah eling ceuk nu teu eling,

Tuh lipur ceuk nu teu lipur,
tuh lipur ceuk nu teu mikir,
tah mikir ceuk nu teu samar,
tah samar ceuk nu teu gingsir,
tuh gingsir ceuk nu teu samar,
tah ceuk nu masisir.

Tuh halimun ceuk halimun,
tuh pipinding ceuk pipinding,
tuh kalangkang ceuk kalangkang,
tah aing aing ceuk aing,
tah anggang angang ceuk anggang,
ih aing aing ceuk aing.

Itu nya paitu-itu,
itu nya pauang-aing,
tah aing paitu eta,
tah eta paitu aing,
tah eta paitu-eta,
tah aing paing-aing.

Ngalantung saalun-alun,
itu enya ieu lain,
lain-lain enya-enya,
enya-enya lain-lain,

itu lain ieu enya,
itu enya ieu lain.

Ngalantung batur sakurung,
kurang pakurang pakuring,
kuring pakurang pakurang,
kurang pakurang pakuring,
kuring pakuring pakurang,
kurang pakurang pakuring.

Ngalayung muru sagunung,
gunung sagunang sageuning,
sageuning sageunang-geunang,
geuning sageuning sageuning,
geuning sageuning sageunang,
geunang sageunang sageuning.

Ngalayung muru ka untung,
untung sabeurang sapeuting,
peuting sapeuting sabeurang,
beurang sabeurang sapeuting,
peuting sapeuting sabeurang,
beurang sabeurang sapeuting.

Ngalayung layung di layung,
layung ngalayung di sari,
sari ngalayang di rasa,
rasa ngalayang di sari,
sari ngabangbang di rasa,
rasa ngalinjing di sari.

Ngalantung lantung di lantung,
lantung diuntang dianting,
anting dianting diuntang,
untang diuntang dianting,
anting dianting diuntang,
untang diuntang dianting,

Ngalantung catur di catur,
catur di puntar di puntir,
puntir dipuntir dipuntar,
puntar dipuntar dipuntir
puntir dipuntir dipuntar,
puntar dipuntar dipuntir.

Ngalaur laur di luhur,
luhur diluhar dilahir,
lahir dilahir dilahar,
lahar dilahar dilahir,
lahir dilahir dilahar,
lahar dilahar dilahir.

Nya lungsur lungsur di lungsur,
lungsur ngiringkeun anasir,
anasir masih misasar,
misasar sasar masisir,
kapidangdam kapisasar,
ngukuy pangukay basisir.

Kurung ngalayung di kurung,
kurung dikurang dikuring,
kuring dikurang dikurang,
kurang dikuring dikuring,
kuring dikuring dikurang,
kurang dikurang dikuring.

Batur nya turun tumuluy,
tumurun diulan-ulin,
ulin nya sajalan-jalan,
jalan saulan saulin,
ulin nya sajalan-jalan,
jalan-jalan bati ulin.

 

(bersambung..)

http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

About admin

Check Also

Amalan Tarekat Sammaniyah

“Diijazahkan secara umum oleh Mursyid kami, Abah Guru Sekumpul Martapura”. Oleh: H. Derajat* بِسْمِ اللّٰهِ ...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *