2 X 2 = 0
Basa dina pelajaran matematika SD,
Guru : “Opat tambah dua sabaraha Nang?”
Unang : “Genep Pa”
Guru : “Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?”
Tuti : “Tilu..”
Guru : “Bener… ari dua dikali dua sabaraha Lih?”
Olih (bari luak-lieuk) : “Seep Pa Guru ….”
Guru : “Naha bisa kitu Lih ?”
Olih : “Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we…”
Guru : “??!!”
Anak Anjing
Ibro : “Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah…”
Udin : “Ya iya laaah….na kunaon pake nanya kitu..?”
Ibro : “Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala…”
Udin : “Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah… dosa besar !!”
Ibro : “Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!” bari lumpat
Udin : “??!!@#$”
Halu
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :“Kumaha Nyi wartosna…. damang ?” ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :“Sae kang…” bari rada bendu
Jang Ahmad :“Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana…?”
Nyi Ipah :“Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh…..”. Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad :“Na kunaon kitu …?” bari semu heran
Nyi Ipah :“Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu…”
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan….teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :“Aya saha tamu bieu teh Nyi ?”
Nyi Ipah :” Eta….. Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun…” bari ngabohong
Jang Dadang :“Naaa atuh halu-halu wae……..kadieukeun urang susulkeun…”
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.
BH..AYANGKARA
Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru ngalatih hiji-hiji muridna sina kahareup.
Pak Guru : “Mimin tulis kahareup … BHAYANGKARA….”
Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor …. BAYANGKARA
Pak Guru : “Geuning teu pake BH Min … ? (maksudna BHayangkara)
Mimin : “Beut ngangge Pak Guru….” bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.
Baueun
Ceuk beja Nyi Uti sok salingkuh jeung si Udin, tatangga sakaligus mantan kabogohna, lamun salakina keur gawe di Jakarta. Padahal salakina Nyi Uti sakitu galakna, tukang mabok tukang nyabok, pokona sagala dikobok.
Hiji waktu Mang Usep, salakina Nyi Uti, rek indit deui ka Jakarta tapi hatena serba teu ngeunah, sieun pamajikan nana salingkuh. Untung otakna encer, menang akal jang nangkal supaya pamajikanna teu salingkuh.
Mang Usep tuluy ngagambar gajah dina pingpingna Nyi Uti pake spidol. Hulu gajah persis dina pingpingna, tapi gambar tulalena nyanghareup kana bobogaan Nyi Uti. Pikiran Mang Usep, lamun eta gambar kahapus artina pamajikan nana geus salingkuh.
Saenggeus ngagambar Mang Usep pamit rek gawe ka Jakarta, pamajikan nana ceurik pura-pura sedih, nutupan kabungah, na jero hate geus hayang geura salingkuh. Meureun geus sajam, salakina indit, si Udin geus dikamar Nyi Uti.
Tapi teu lila kadenge salakina balik deui, ngetok panto bari jojorowokan. Si Udin reuwas, tuluy kabur liwat dapur paranti jalan kabur. Tinggal Nyi Uti bingung, rurusuhan ngagambar tulale gajah nu geus kahapus basa tadi salingkuh, tapi gambar tulalena jadi robah, lain nyanghareup kana anuna malah ngulampreh kahandap.
Saenggeus panto di buka, buru-buru Mang Usep mariksa pingpingna Nyi Uti, panasaran. Atuh sakitu jamotrotna bari nyentak Nyi Uti :
Mang Usep : “Uti geuning gambar tulalena jadi kahandap, lain kaluhur ?”
Nyi Uti ngadegdeg, tapi untung boga akal jang ngajawab.
Nyi Uti : “Akang, meureun baueun, jadi weh tulalena ngulampreh kahandap !”