Home / Relaksasi / Lelucon / Bobodoran Sunda Kaopat

Bobodoran Sunda Kaopat

BOBODORAN SUNDA

Anu Lolong Jeung Anu Gempor

Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : “Sora aya anu mandi nya ?”, pokna anu lolong.

Gempor: “Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?”

Lolong : “Nya pasti awewe lah !”

Gempor: “Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah ! Naha maneh beut nyaho eta awewe, memang tandana naon ?”

Lolong : “Ah siamah dasar bego!  Belegug ! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!”.

Gempor: “Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?”

 

Naheuran Pulsa

Jang Adang Sada ceunah mah manehna teh, sukses gede dina bisnis ngala durian. Unggal panen jaba seubeuh ngahenggoy durian, oge kapecretan rezeki katinggang durian nepi ka 10 juta unggal bulan. Kusabab ngarasa sukses, nya manehna hayangeun boga handphone saperti nu dipibanda ku Neng Dahlia nu geulis.

Manehna meuli HP di segitiga emas, di parapatan lima Cibaduyut, alias jalan Siliwangi. Kieu kira-kira obrolan manehna jenung nu ngajual HP:

Jang Adang (A) : “Kang, aya HP nu kira pas keur kuring, nu saperti dianggo ku Neng Dahlia tea?, mun bisa mah henteu leuwih ti dua juta.”

Tukang HP (TH) : “Ohh . aya Jang, type na NOKIA 3260, ngan rada badag pamencetannana, benten saeutik ti nu Neng Dahlia. Keur Ujang mah lah cukup 1,5 juta wae.”

A : “Boi… boi wah Si Akang mah. Jeung nomerna sakantenan pang masangkeun.”

TH : “Pulsana nu sabaraha Jang, rek nu 25 rebu, 50 rebu Atawa 100 rebu…”

A : “Nu pangmahalna Kang, nu 100 rebu, piraku juragan pulsana ngan saeutik.”

TH : “Kitu sae Jang, ngan Ujang di mana linggih?”

A : “Di Cibeulah tutugan gunung gede, lempeng ngaler anu brasna ka Babakan Saat, teras ngidul jol wae ka Cihanaang.”

TH : “Wah Jang, jauh atuh kitu mah, jaringan operator encan nepi ka dinya..”

A : “Na ari si Akang, kuring teh juragan beunghar, bisi teu nyaho! Kuring hayang geura ngabel Ka Neng Dahlia, lamun 100 rebu teu cukup, keun ku kuring ditambah jadi 200 rebu asal nepi…”

 

Angkot Jeung Ojeg

Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
“Kunaon sia ngudag-ngudag aing?”
“Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?”, jawab tukang ojeg.
“Aing mah diudag pulisi”, ceuk supir angkot.
“Aing oge,” jawab tukang ojeg.

 

Kunti Jeung Tukang Sado

Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas keur ditengah jalan mang Udin nu eukeur mengendarai kuda supaya baik jalannya, ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:

“Neng bade kamana wengi-wengi kieu’?”. “Nya eta mang bade ka bojong lopang” jawab na.

Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,.

“Ah neng sawios atuh” ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari indit kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi robah jadi daun kararas, Bari ngagurutu mang Udin nyarita “Dasar Kuntilanak”,

Teu lila si awewe eta bijil deui tina rungkun anu poek bari nyarita

“Daripada amang mah TUKANG SADO”

 

Ditilang Bapa Polisi

Waktu eta teh s “Bedul” ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh nyaeta polisi, si Bedul teuing mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung wae maneh na eureun. Terus nyampeurkeun eta polisi nu ngaeureunkeun manehna

Bedul: “Ku naon pa abdi dieureunkeun ??”

Polisi: “Arek mariksa”

Bedul : “Mariksa naon ?? Da abdi mah teu nyandak NARKOBA………..

Polisi: “lain eta maksud saya mah”

Bedul: “Atuh naon ? Lain eta mah make dipariksa sagala”

Polisi: “Ari SIM na mana ??”

Bedul: “Oh eta mah abdi can gaduh pa!”

Kacaritakeun si Bedul ditilang we ku polisi. Hiji mangsa si bedul mawa motor deui ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: “Aya naon deui pa ??? SIM aya …. motor komplit Naon deui pa?”

Polisi: “maneh teu pakai helem… Kapaksa ku saya maneh ditilang…”

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeneran papanggih jeung polisi nu sok biasa nilang maneh na. Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: “Pa? Ku naon abdi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem diangge”

Polisi: “Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrr ???!!!”

Bedul: “Ohhh enya nya… geuning aing bolohoy!”

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan…

 

Mimiti Masantren

Jang Ibro mimiti masantren. Manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. Atuh rada bingung. Nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.

“Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai, dupi ari asakna kumaha, nya?”

“Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak…” jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. Geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. Puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. Balik deui ka jang Juhe.

“Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?”

“Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap…”

About admin

Check Also

Nasruddin Berbagi Tugas dengan Isterinya

Cerita tentang Nasruddin Hoja tidak akan pernah habis. Salah satunya kisah Nasruddin yang berbagi tugas ...