Kondektur
Kondektur ka hot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, ceunah, digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna geus katalar pisan. Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan, mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.
“Rek ka mana?” Mang Obing nanya.
“Ka Kadungora,” tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna, “Tujuh ratus, disaruakeun jeung ongkos ka Garut.”
“Ari Emang, naon ieu teh?”
“Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus,” tembal Mang Obing bari ngelemes.
Tukang Kai
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : “Hey…kunaon maneh ceurik?”
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Dessy Ratnasari, terus naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan abdi teh!”
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Dessy Ratnasari teh!”
Nanya Pasien
Dokter: “Maneh sok sabaraha kali mandi?”
Pasien 3 : “Tilu kali pak!”
Dokter: “Hah………iraha bae?”
Pasien 1: “Kamari, isukan, pageto”
Dokter: “Ari ayeuna?”
Pasien 3 : “Ayeuna mah saptu atuh pa dokter….”
Dokter pingsan.
Ngajawab Soal Ujian
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make
Implik-implik kieu: “Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna.”
Gelo
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
“Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?”
“Kumaha jalmina?”
“Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!”
“Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?”
“Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!”
Oray Ngahakan Linggis
A: “Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?”
B: “Oray paeh.”
A: “Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor.”
B: “Ari geus oray naon ?”
A: “Oray nu tas ngahakan linggis.”
Bandar Tarasi
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan, lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???” ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : “Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten”.