Puguh cau mah ngan cau,
puguh hui mah ngan hui,
puguh kacang mah ngan kacang,
lalandi mahi jeung eusi,
dat sifat asma af’alna,
walagri di saban eusi.
Disusul-susul ku suluk,
diandih ku adeg diri,
dipirasa ku pangrasa,
lirik ka sisi ka gigir,
ka saha nya kakaitan,
lamun mahi ku sahiji.
Jung nangtung saadeg tangtung,
lieuk lain lieuk lain,
cau saha hui saha,
ceuk kacang patungi-tungi,
tah alam sirna rumasa,
walagri pangeusi diri.
Horeng di pangadeg tangtung,
lalandi memeh ngahiji,
dat sifat asma af’alna,
walatra saban sasiki,
jeung saha pasaha-saha,
sarua pada jasmani.
(bersambung)
http://manuskripkesunyian.wordpress.com/