Sunday , July 21 2019
Home / Relaksasi / Lelucon / BOBODORAN SUNDA KAHIJI

BOBODORAN SUNDA KAHIJI

BOBODORAN SUNDA KAHIJI

Kabayan Pelesir ka Amerika

Kabayan jeung Mitoha na pelesir ka Amerika. Diditu maranehna jalan jalan ka musieum.

Kabayan keur molototan Mumi mesir kuno, pas di handapeun peti batu na aya tulisan 1227BC.

Kabayan : “Abah…aya angka di batu ieu 1227BC maksudna naon nya, Abah?”

Mitoha : “Ah sia mah dasar kampung, katingali kurang gaul, teu gableg ka nyaho… Eta teh PIN BlackBerry na Firaun…!”

 

Mimpi Malam Jum’at

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum’at.

Orang Jawa : “Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : “ngimpen naon mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen bobo jeung nu geulis.”

Orang Sunda : “Kumaha dina jero impenannana?”

Orang Jawa : “Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we.”

Orang Jawa : “Eh ngimpen deui.”

Orang Sunda : “Bari kerung, ngimpen naon deui mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we.”

Orang Jawa : “Eh abdi ngimpen deui”

Orang Sunda : “Ngimpen naon deui mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen ee”

Orang Sunda : “Kumaha tah?”

Orang Jawa : “Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha….”

 

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : “Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?”
Bapa : “Bapa bade masihan duit saratus rebu..!”
Encep : “Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?”
Bapa : “Naha, Cep?”
Encep : “Saratus rebu mah cape ngetangna..”

 

Maung jeung Uncal (bodor si cepot)

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. Sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

“Ma..aden lapar” anak maung ka indungna

“Nya ke urang…” can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

“Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal” anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. Abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

“Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang” uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. Geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal ngaheot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

“Ma…ma..kumaha SI UNCAL teh beunang…mana ma..aden lapar..”

Indung maung kadon jamutrut ka anakna ” eh…ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!” bari ngaleos.

 

Copet Bandung

Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis. Maklum, na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah, nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.

Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana, kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh  (robek), terus manehna ngomong kieu,

Sueb : “Sok sia rek maling naon?”

Copet: “Heunteu mang,”

Sueb : “Sok mending digorowoken copet, atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing.”

Copet: “..?@/???Ehm…”

 

Kacang Hejo

Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar memeh sare.

Aki : “Nini urang teh geus karolot, aki rek menta dihampura bisi aya kasalahan ka Nini”

Nini : “Ih aki sarua nini oge, urang silih hampura we atuh umur mah saha nu nyaho.”

Aki : “Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki mah, sabab aki teh pernah salingkuh ka nini”

Nini : “Kutan jeung saha aki?”

Aki : “Eta jeung Si Edah tukang lotek tea, terus jeung Si Emeh anak Mang Sarkawi, malah jeung Si Icih oge nu di lebak ngalaman.”

Nini : “Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa kaduhung teu nanaon ki dihampura, tapi nini oge sarua geus pernah salingkuh.”

Aki : “Ari nini jeung saha?”

Nini : “Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok neundeun kacang hejo dina toples”

Aki : “Toples nu di dapur nini?”

Nini : “Enya aki, nu dina toples mah sesana pan anu sakeler mah beak dibubur.”

Aki : “????????!!!??”

About admin

Check Also

Dialog Sayyidina Ali bin Abi Thalib r.a. dengan seorang Yahudi (Bagian I)

Bismillahirrahmanirrahim. Sayyidina Ali bin Abi Thalib r.a. dikenal merupakan sosok yang memiliki keluasan ilmu pengetahuan. ...